Tag Archive 'sajak'

Apr 12 2007

Profile Image of liezmaya
liezmaya

Rumaos…

Filed under heart

Rumaos sering asa-asa
Isin kagok ngahalangan rasa
Hariwang,ngambang henteu daya
Ucap nutup, nahan kedal tresna

Rumaos sering huleng jentul
Nimbang - nimbang pilakueun kedal
LOngkewang,aringgis ku bisi
Boa-boa asih samar tepi

Kalah anteng na lamunan
Nyawang geugeut patembongan
Ngumbar tresna nu duaan
Kareueut ku kaendahan

Nyipta leumpang babarengan
Ligar asih karembangan
Imut manis pangharepan
Kasmaran na lelembutan

Rumaos sering niis peuting
Nandang asih abot sakalintang
Ngadago,surti sugan ngarti
Nahan sepi, katalimbang diri

Rumaos sering nyawang bulan
Nyipta tepung lawung paguneman
Gentrengna galindeng harepan
Nyanding asih, Tresna nu duaan

1,510 responses so far